Sundanese Unicode 2013

sundanese unicode
ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮨᮞᮨ ᮅᮔᮤᮎᮧᮓᮨ |᮲᮰᮱᮳| / Sundanese Unicode 2013

ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ "ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮨᮞᮩᮔᮤᮎᮧᮓᮨ-|᮲|.|᮰|" ᮃᮒᮔᮕᮤ ᮓᮤᮊᮨᮔᮜ᮪ ᮇᮌᮦ ᮞᮜᮊᮥ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ "ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮨᮞᮨ ᮅᮔᮤᮎᮧᮓᮨ |᮲᮰᮱᮳|" ᮄᮉ ᮓᮤᮏᮤᮉᮔ᮪ ᮊᮥ ᮊᮀ ᮓᮓᮔ᮪ ᮞᮥᮒᮤᮞ᮪ᮔ ᮓᮤ ᮒᮅᮔ᮪ |᮲᮰᮰᮸| ᮃᮔᮥ ᮓᮤᮛᮦᮗᮤᮞᮤ ᮓᮤᮔ |᮲᮰᮱᮳|, ᮒᮨᮕᮒ᮪ᮔ ᮊᮕᮤᮀ |᮱᮷| ᮇᮊ᮪ᮒᮧᮘᮨᮁ |᮲᮰᮱᮳|.
Fonta aksara sunda "SundaneseUnicode-2.0" atanapi dikenal ogé salaku fonta "Sundanese Unicode 2013" ieu dijieun ku kang Dadan Sutisna kalayan Tim Unicode Aksara Sunda di taun 2008 anu dirévisi dina taun 2013, tepatna kaping 17 oktober 2013..

ᮖᮧᮔ᮪ᮒ "ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮨᮞᮨ ᮅᮔᮤᮎᮧᮓᮨ |᮲᮰᮱᮳|" ᮄᮉ ᮕᮛᮔ᮪ᮒᮧᮞ᮪ ᮓᮤᮓᮕ᮪ᮒᮁᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮥ ᮒᮤᮙ᮪ ᮅᮔᮤᮎᮧᮓᮨ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮓᮤ ᮊᮧᮔ᮪ᮞᮧᮁᮞᮤᮅᮙ᮪ ᮅᮔᮤᮎᮧᮓᮨ ᮞᮛᮨᮀ ᮕᮛᮔ᮪ᮒᮧᮞ᮪ ᮏᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪ ᮞ᮪ᮒᮔ᮪ᮓᮁ ᮑᮨᮛᮒ᮪ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮞᮎᮛ ᮓᮤᮌᮤᮒᮜ᮪. ᮏᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪, ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮄᮉ ᮘᮊᮜ᮪ ᮞᮎᮛ ᮇᮒᮧᮙᮒᮤᮞ᮪ ᮊᮘᮎ ᮓᮤᮔ ᮒᮨᮜᮨᮕᮧᮔ᮪ ᮞᮦᮜᮥᮜᮦᮁ ᮃᮒᮔᮕᮤ ᮊᮧᮙ᮪ᮕᮥᮒᮨᮁ ᮕᮙᮎ ᮝᮦᮘ᮪, ᮒᮔ᮪ᮕ ᮊᮨᮓᮂ ᮙᮞᮀ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮄᮉ ᮠᮩᮜ ᮓᮤᮔ ᮕᮛᮔ᮪ᮒᮤ ᮃᮔᮥ ᮓᮤᮃᮀᮌᮧ.
Fonta "Sundanese Unicode 2013" ieu parantos didaptarkeun ku Tim Unicode Aksara Sunda di Konsorsium Unicode sareng parantos janten standar nyerat aksara Sunda sacara digital. Janten, fonta ieu bakal sacara otomatis kabaca dina telepon sélulér atanapi komputer pamaca wéb, tanpa kedah masang fonta ieu heula dina paranti anu dianggo. 

ᮔᮍᮤᮀ, ᮙᮤᮙᮤᮒᮤᮔ ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮍᮜᮙᮔ᮪ ᮞᮘᮘᮛᮠ ᮠᮜᮍᮔ᮪ ᮓᮤᮔ ᮔᮨᮛᮕ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ "ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮨᮞᮨ ᮅᮔᮤᮎᮧᮓᮨ |᮲᮰᮱᮳|" ᮄᮉ ᮓᮤᮔ ᮝᮦᮘ᮪ ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ, ᮓᮤᮃᮔ᮪ᮒᮝᮤᮞ᮪ᮔ ᮑᮆᮒ:
Nanging, mimitina simkuring ngalaman sababaraha halangan dina nerapkeun fonta "Sundanese Unicode 2013" ieu dina wéb simkuring, diantawisna nyaéta:

  1. ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮄᮉ ᮍᮔ᮪ ᮅᮊᮥᮁ ᮒᮤᮃᮞ ᮊᮘᮎ ᮃᮒᮔᮕᮤ ᮙᮥᮔ᮪ᮎᮥᮜ᮪ ᮓᮤᮔ ᮕᮛᮔ᮪ᮒᮤ ᮞᮦᮜᮥᮜᮦᮁ (ᮠᮕᮦ) ᮃᮒᮔᮕᮤ ᮊᮧᮙ᮪ᮕᮥᮒᮨᮁ ᮃᮔᮥ ᮍᮀᮌᮧ ᮕᮑᮥᮀᮞᮤ ᮙᮧᮐᮤᮜᮣ. ᮔᮙᮥᮀ ᮔᮜᮤᮊ ᮓᮤᮘᮥᮊ ᮍᮀᮌᮧ ᮃᮕᮣᮤᮊᮞᮤ ᮕᮑᮥᮀᮞᮤ ᮃᮔᮥ ᮞᮔᮦᮞ᮪ ᮞᮕᮨᮁᮒᮧᮞ᮪ ᮎ᮪ᮠᮢᮧᮙᮨ, ᮈᮓ᮪ᮌᮨ, ᮇᮕᮨᮛ, ᮅ.ᮎ᮪, ᮞᮖᮛᮤ, ᮏ᮪ᮞ᮪ᮘ᮪. ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮄᮉ ᮅᮊᮥᮁ ᮊᮒᮤᮍᮜᮤ ᮊᮧᮒᮊ᮪+ᮕᮔᮑ ᮃᮒᮔᮕᮤ ᮊᮧᮒᮊ᮪-ᮊᮧᮒᮊ᮪ ᮞᮛᮥᮕ "ᮒᮠᮥ" ᮞᮕᮨᮁᮒᮧᮞ᮪ ᮊᮤᮉ "⌧⌧⌧⌧⌧".
    Fonta ieu ngan ukur tiasa kabaca atanapi muncul dina paranti Sélulér (hapé) atanapi komputer anu nganggo panyungsi Mozilla. Namung nalika dibuka nganggo aplikasi panyungsi anu sanés sapertos Chrome, Edge, Opera, UC, Safari, jsb. Fonta ieu ukur katingali Kotak+Pananya atanapi Kotak-Kotak sarupa "tahu" sapertos kieu "⌧⌧⌧⌧⌧".

    ᮄᮉ ᮙᮞᮤᮂ ᮊᮏᮓᮤᮃᮔ᮪ ᮞᮔᮇᮞ᮪ ᮊᮧᮙ᮪ᮕᮥᮒᮨᮁ ᮕᮙᮎ ᮝᮦᮘ᮪ ᮕᮛᮔ᮪ᮒᮧᮞ᮪ ᮓᮤᮕᮞᮀ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮆᮒ.
    Ieu masih kajadian sanaos komputer pamaca wéb parantos dipasang fonta éta.

    ᮞᮜᮂ ᮞᮠᮤᮏᮤ ᮞᮧᮜᮥᮞᮤ ᮞᮥᮕᮓᮧᮞ᮪ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮓᮤᮔ ᮝᮦᮘ᮪ ᮒᮤᮃᮞ ᮓᮤᮘᮎ ᮓᮤᮔ ᮞᮓᮚ ᮕᮑᮥᮀᮞᮤ, ᮙᮊ "ᮕᮔᮥᮜᮤᮞ᮪ ᮝᮦᮘ᮪" ᮃᮒᮔᮕᮤ ᮃᮔᮥ ᮍᮜᮧᮜ ᮝᮨᮘ᮪ ᮃᮔᮥ ᮍᮀᮌᮧ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮄᮉ, ᮊᮨᮓᮂᮔ ᮙᮞᮀᮊᮩᮔ᮪ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮄᮉ ᮠᮩᮜ ᮓᮤᮔ ᮝᮦᮘ᮪ ᮞᮦᮁᮗᮨᮁᮔ.
    Salah sahiji solusi supados fonta Aksara Sunda dina wéb tiasa dibaca dina sadaya panyungsi, maka "panulis wéb" atanapi anu ngalola web anu nganggo aksara Sunda ieu, kedahna masangkeun fonta ieu heula dina wéb sérverna.

    ᮊᮀᮌᮧ ᮓᮨᮒᮤᮜ᮪ ᮎᮛᮔ, ᮙᮀᮌ ᮍᮔ᮪ᮏᮀ ᮊ ᮠᮜᮙᮔ᮪ ᮄᮉ
    Kanggo detil carana, mangga nganjang ka halaman ieu


  2. ᮞᮔᮇᮞ᮪ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ "ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮨᮞᮨ ᮅᮔᮤᮎᮧᮓᮨ |᮲᮰᮱᮳|" ᮄᮉ ᮕᮛᮔ᮪ᮒᮧᮞ᮪ ᮓᮤᮕᮞᮀ ᮓᮤᮔ ᮝᮦᮘ᮪ ᮞᮦᮁᮗᮨᮁ, ᮠᮥᮛᮥᮕ᮪ "" ᮓᮤᮔ ᮝᮦᮘ᮪ ᮙᮞᮤᮂ ᮊᮦᮔᮦᮂ ᮙᮥᮔ᮪ᮎᮥᮜ᮪ ᮞᮕᮨᮁᮒᮧᮞ᮪ ᮗᮦᮁᮞᮤ ᮜᮙᮤ ᮞᮕᮨᮁᮒᮧᮞ᮪ ᮊᮤᮉ "", ᮑᮆᮒ ᮎᮥᮛᮨᮊ᮪ ᮙᮞᮤᮂ ᮑᮀᮠᮛᮩᮕ᮪ ᮊ ᮜᮥᮃᮁ (ᮃᮛᮂ ᮊᮦᮔ᮪ᮎ) ᮠᮨᮔ᮪ᮒᮩ ᮑᮀᮠᮛᮩᮕ᮪ ᮊ ᮜᮨᮘᮨᮒ᮪ (ᮃᮛᮂ ᮃᮔᮥ ᮊᮒᮥᮠᮥ) ᮞᮊᮥᮙᮠ ᮊᮥᮓᮥᮔ ᮞᮕᮨᮁᮒᮧᮞ᮪ ᮊᮤᮉ "". ᮞᮔᮇᮞ᮪ ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮔᮤᮍᮜᮤ ᮓᮤᮔ ᮖᮤᮜᮨ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮃᮔᮥ ᮃᮞᮣᮤᮔ ᮠᮥᮛᮥᮕ᮪ "" ᮕᮛᮔ᮪ᮒᮧᮞ᮪ ᮜᮨᮛᮨᮞ᮪ ᮓᮤᮒᮥᮜᮤᮞ᮪ᮔ.
    Sanaos fonta "Sundanese Unicode 2013" ieu parantos dipasang dina wéb sérver, hurup "ja" dina wéb masih kénéh muncul sapertos vérsi lami sapertos kieu "", nyaéta curek masih nyanghareup ka luar (arah kénca) henteu nyanghareup ka lebet (arah anu katuhu) sakumaha kuduna sapertos kieu "". Sanaos simkuring ningali dina file fonta anu aslina hurup "ja" parantos leres ditulisna. 

     

  3. ᮃᮚ ᮘᮥᮌ᮪ ᮓᮤᮔ ᮒᮙ᮪ᮕᮤᮜᮔ᮪ ᮛᮛᮀᮊᮦᮔ᮪ ᮕᮔᮦᮜᮦᮀ, ᮃᮔᮥ ᮓᮤᮔ ᮠᮤᮏᮤ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮃᮚ |᮱| ᮃᮒᮔᮕᮤ ᮜᮀᮊᮥᮀ ᮞᮥᮊᮥ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮃᮔᮥ ᮍᮀᮌᮧ ᮕᮔᮦᮜᮦᮀ. ᮛᮛᮀᮊᮦᮔ᮪ ᮕᮔᮦᮜᮦᮀ ᮘᮊᮜ᮪ ᮃᮚ ᮓᮤᮔ ᮃᮝᮜ᮪ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮃᮒᮔᮕᮤ ᮃᮔᮥ ᮓᮤᮔ ᮠᮤᮏᮤ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮃᮚ |᮲| ᮃᮒᮔᮕᮤ ᮜᮀᮊᮥᮀ ᮞᮥᮊᮥ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮃᮔᮥ ᮍᮀᮌᮧ ᮕᮔᮦᮜᮦᮀ, ᮃᮔᮥ |᮲| ᮛᮛᮀᮊᮦᮔ᮪ ᮕᮔᮦᮜᮦᮀ ᮆᮒ ᮘᮊᮜ᮪ ᮞᮤᮜᮤᮂ ᮞᮤᮞᮤ ᮓᮤᮔ ᮒᮙ᮪ᮕᮤᮜᮔ᮪.
    Aya bug dina tampilan Rarangkén Panéléng, anu dina hiji kecap aya 1 atanapi langkung suku kecap anu nganggo Panéléng. Rarangkén Panéléng bakal aya dina awal kecap atanapi anu dina hiji kecap aya 2 atanapi langkung suku kecap anu nganggo Panéléng, anu 2 Rarangkén Panéléng éta bakal silih sisi dina tampilan.

    ᮎᮧᮔ᮪ᮒᮧ / Conto:
    ᮒᮥᮜᮤᮞᮔ᮪ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮌᮝᮦ ᮙᮥᮔ᮪ᮎᮥᮜ᮪ᮔ ᮌᮝᮦ ᮊᮨᮓᮂᮔ ᮌᮝᮦ
    Tulisan kecap Gawé munculna Géwa kedahna Gawé

    ᮒᮥᮜᮤᮞᮔ᮪ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮦᮞᮦ ᮙᮥᮔ᮪ᮎᮥᮜ᮪ᮔ ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮦᮞᮦ ᮊᮨᮓᮂᮔ ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮦᮞᮦ
    Tulisan kecap Sundanésé munculna Sundénésa kedahna Sundanésé 

    ᮒᮥᮜᮤᮞᮔ᮪ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮕᮔᮦᮜᮦᮀ ᮙᮥᮔ᮪ᮎᮥᮜ᮪ᮔ ᮕᮔᮦᮜᮦᮀ ᮊᮨᮓᮂᮔ ᮕᮔᮦᮜᮦᮀ 
    Tulisan kecap Panéléng munculna Pénélang kedahna Panéléng

    ᮒᮥᮜᮤᮞᮔ᮪ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮊᮦᮛᮦᮒᮦᮌ᮪ ᮙᮥᮔ᮪ᮎᮥᮜ᮪ᮔ ᮊᮦᮛᮦᮒᮦᮌ᮪ ᮊᮨᮓᮂᮔ ᮊᮦᮛᮦᮒᮦᮌ᮪
    Tulisan kecap Kérétég munculna Kéérétag kedahna Kérétég

    ᮒᮥᮜᮤᮞᮔ᮪ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮞᮦᮞᮦᮜᮦᮊᮦᮒ᮪ ᮙᮥᮔ᮪ᮎᮥᮜ᮪ᮔ ᮞᮦᮞᮦᮜᮦᮊᮦᮒ᮪ ᮊᮨᮓᮂᮔ ᮞᮦᮞᮦᮜᮦᮊᮦᮒ᮪ 
    Tulisan kecap Sésélékét munculna Séésélékat kedahna Sésélékét

  4. ᮘᮥᮌ᮪ ᮓᮤᮔ ᮊᮧᮔ᮪ᮗᮨᮁᮞᮤ ᮇᮒᮧᮙᮒᮤᮞ᮪ ᮓᮤᮔ ᮒᮙ᮪ᮕᮤᮜᮔ᮪ ᮛᮛᮀᮊᮦᮔ᮪ ᮕᮑᮨᮎᮨᮊ᮪ (°ᮀ / +ᮍ) ᮅᮕᮙᮤ ᮓᮤᮔ ᮠᮤᮏᮤ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮞᮃᮒᮧᮞ᮪ ᮊᮧᮔ᮪ᮞᮧᮔᮔ᮪ + ᮕᮑᮨᮎᮨᮊ᮪ ᮓᮤᮒᮥᮒᮥᮁᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮥ ᮠᮥᮛᮥᮕ᮪ ᮊᮧᮔ᮪ᮞᮧᮔᮔ᮪ "ᮛ", "ᮜ" ᮞᮛᮨᮀ ᮇᮌᮦ "ᮚ" (ᮕᮧᮜ ᮊ-ᮛ-ᮊ), ᮙᮊ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮜᮤᮌᮒᮥᮁᮔ ᮘᮊᮜ᮪ ᮛᮧᮘᮤᮂ ᮏᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪ ᮊᮧᮔ᮪ᮞᮧᮔᮔ᮪ ᮍ + ᮞᮤᮞᮤᮕᮔ᮪ (°ᮢ-ᮍᮢ), (°ᮣ-ᮍᮣ), ᮞᮛᮨᮀ (°ᮡ-ᮍᮡ).
    bug dina konversi otomatis dina tampilan rarangkén panyecek (°ᮀ / +ng) upami dina hiji kecap saatos aksara konsonan + panyecek dituturkeun ku hurup konsonan "ra", "la" sareng ogé "ya" (Pola KRK), maka fonta ligaturna bakal robih janten konsonan nga + sisipan (°ᮢ-ngra), (°ᮣ-ngla), sareng (°ᮡ-ngya).

    ᮎᮧᮔ᮪ᮒᮧ / Conto:
    ᮒᮥᮜᮤᮞᮔ᮪ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮙᮀᮛᮥᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮙᮥᮔ᮪ᮎᮥᮜ᮪ᮔ ᮙᮍᮢᮥᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ (ᮙ-ᮍᮢᮥ-ᮕᮤ-ᮊᮩᮔ᮪) ᮊᮨᮓᮂᮔ (ᮙᮀ-ᮛᮥ-ᮕᮤ-ᮊᮩᮔ᮪)
    Tulisan kecap Mangrupikeun munculna (ma-ngru-pi-keun) kedahna (mang-ru-pi-keun) 

    ᮒᮥᮜᮤᮞᮔ᮪ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮕᮀᮜᮚᮁ ᮙᮥᮔ᮪ᮎᮥᮜ᮪ᮔ ᮕᮍᮣᮚᮁ (ᮕ-ᮍᮣ-ᮚᮁ) ᮊᮨᮓᮂᮔ (ᮕᮀ-ᮜ-ᮚᮁ)
    Tulisan kecap Panglayar munculna (pa-ngla-yar) kedahna (pang-la-yar)


ᮒᮨᮛᮥᮞ᮪ ᮒᮨᮛᮀ, ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮘᮤᮍᮥᮀ ᮍᮩᮔᮃᮔ᮪ ᮞᮧᮜᮥᮞᮤᮔ ᮞᮠᮤᮀᮌ ᮒᮙ᮪ᮕᮤᮜᮔ᮪ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮄᮉ ᮒᮤᮃᮞ ᮓᮤᮃᮀᮌᮧ ᮊᮜᮚᮔ᮪ ᮠᮓᮦ ᮓᮤᮔ ᮝᮦᮘ᮪ ᮃᮔᮥ ᮘᮊᮜ᮪ ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮝᮍᮥᮔ᮪ ᮊᮥ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮄᮉ. ᮞᮥᮙᮝᮧᮔ, ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮏᮜ᮪ᮙ ᮃᮝᮙ᮪ ᮕᮤᮞᮔ᮪ ᮞᮛᮨᮀ ᮃᮙᮒᮤᮁ ᮍᮩᮔᮃᮔ᮪ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮞᮛᮨᮀ ᮆᮜ᮪ᮙᮥ ᮝᮦᮘ᮪.
Terus terang, simkuring bingung ngeunaan solusina sahingga tampilan fonta ieu tiasa dianggo kalayan hadé dina wéb anu bakal simkuring wangun ku aksara Sunda ieu. Sumawona, simkuring jalma awam pisan sareng amatir ngeunaan fonta sareng élmu wéb.

ᮃᮮᮤᮁᮔ, ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮓᮤᮃᮏᮁ ᮍᮩᮔᮃᮔ᮪ ᮝᮦᮘ᮪ ᮃᮔᮥ ᮓᮤᮕᮤᮘᮧᮌ ᮊᮥ ᮊᮀ ᮄᮜ᮪ᮠᮙ᮪ ᮔᮥᮁᮝᮔ᮪ᮞᮂ, ᮑᮆᮒ ᮊᮄᮛᮌ.ᮎᮧᮙ᮪. ᮓᮤᮔ ᮝᮦᮘ᮪ ᮊᮄᮛᮌ ᮄᮉ, ᮃᮚ ᮞᮩᮉᮁ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ. ᮔᮍᮤᮀ, ᮝᮦᮘ᮪ ᮊᮄᮛᮌ ᮄᮉ ᮍᮔ᮪ ᮅᮊᮥᮁ ᮍᮀᮌᮧ |᮲| ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮓᮤᮔ ᮑᮨᮛᮒ᮪ ᮝᮦᮘ᮪ᮔ, ᮑᮆᮒ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮊᮄᮛᮌ-ᮛᮨᮌᮥᮜᮁ ᮞᮜᮊᮥ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮅᮒᮙ ᮞᮛᮨᮀ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮝᮛᮥᮌ ᮌᮥᮛᮥ ᮃᮔᮥ ᮍᮔ᮪ ᮓᮤᮕᮞᮀ ᮓᮤᮔ ᮙᮦᮔᮥ ᮝᮦᮘ᮪.
Akhirna, kuring diajar ngeunaan Wéb anu dipiboga ku kang Ilham Nurwansah, nyaéta kairaga.com. Dina wéb kairaga ieu, aya seueur fonta aksara Sunda. Nanging, wéb kairaga ieu ngan ukur nganggo 2 fonta dina nyerat wébna, nyaéta fonta Kairaga-Regular salaku aksara Sunda utama sareng fonta Waruga Guru anu ngan dipasang dina Ménu Wéb.

ᮕᮨᮙ᮪ᮘᮠᮞᮔ᮪ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮊᮄᮛᮌ ᮞᮜᮏᮨᮀᮔ ᮃᮚ ᮓᮤᮔ ᮠᮜᮙᮔ᮪ ᮄᮉ
Pembahasan fonta Kairaga salajengna aya dina halaman ieu


ᮞᮏᮘ ᮒᮤ ᮓᮤᮃᮏᮁ ᮒᮤᮔ ᮝᮦᮘ᮪ ᮊᮄᮛᮌ.ᮎᮧᮙ᮪, ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮇᮌᮦ ᮑᮧᮘᮤᮃᮔ᮪ ᮓᮤᮃᮏᮁ ᮞᮤᮒᮥᮞ᮪ ᮝᮦᮘ᮪ ᮃᮔᮥ ᮞᮔᮦᮞ᮪ ᮃᮔᮥ ᮍᮀᮌᮧ ᮒᮥᮜᮤᮞᮔ᮪ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮞᮛᮨᮀ ᮠᮜᮙᮔ᮪ ᮝᮦᮘ᮪ ᮃᮔᮥ ᮍᮌᮥᮔᮊᮩᮔ᮪ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮏᮝ. ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮇᮌᮦ "ᮅᮞᮠ" ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮍᮠᮥᮘᮥᮍᮤ ᮜᮀᮞᮥᮀ ᮕᮙᮤᮜᮤᮊ᮪ ᮝᮦᮘ᮪ ᮞᮛᮨᮀ ᮃᮔᮥ ᮑᮤᮉᮔ᮪ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮊᮜᮚᮔ᮪ ᮒᮥᮏᮥᮃᮔ᮪ ᮊᮦᮍᮤᮀᮊᮩᮔ᮪ ᮆᮜ᮪ᮙᮥᮔ. ᮃᮜ᮪ᮠᮙ᮪ᮓᮥᮜᮤᮜᮣᮂ, ᮞᮓᮚᮔ ᮛᮙᮂ ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮍᮘᮌᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮆᮜ᮪ᮙᮥᮔ ᮊ ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ. ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮘᮨᮁᮯᮥᮊᮥᮁ ᮞᮛᮨᮀ ᮍᮔᮥᮠᮥᮔ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮆᮜ᮪ᮙᮥ ᮃᮔᮥ ᮕᮛᮔ᮪ᮒᮧᮞ᮪ ᮓᮤᮘᮌᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮊ ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ.
Sajaba ti diajar tina wéb kairaga.com, simkuring ogé nyobian diajar situs wéb anu sanés anu nganggo tulisan aksara Sunda sareng halaman wéb anu ngagunakeun aksara Jawa. Simkuring ogé "usaha" pikeun ngahubungi langsung pamilik wéb sareng anu nyieun fonta kalayan tujuan kéngingkeun élmuna. Alhamdulillah, sadayana ramah pikeun ngabagikeun élmuna ka simkuring. Simkuring bersyukur sareng nganuhunkeun pikeun élmu anu parantos dibagikeun ka simkuring.

ᮒᮤᮔ ᮆᮜ᮪ᮙᮥ ᮃᮔᮥ ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮒᮛᮤᮙ ᮒᮤ ᮕᮛ ᮃᮠᮣᮤᮔ ᮆᮒ, ᮃᮮᮤᮁᮔ ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮒᮤᮃᮞ ᮔᮨᮛᮞ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮍᮝᮍᮥᮔ᮪ ᮠᮜᮙᮔ᮪ ᮝᮦᮘ᮪ ᮄᮉ. ᮊᮎᮤᮔ᮪ᮓᮨᮊᮔ᮪ ᮔ, ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮃᮮᮤᮁᮔ ᮙᮥᮒᮥᮞ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮍᮀᮌᮧ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ᮪ "ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮨᮞᮨ ᮅᮔᮤᮎᮧᮓᮨ |᮲᮰᮱᮳|" (ᮃᮔᮥ ᮊᮥ ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮕᮛᮔ᮪ᮒᮧᮞ᮪ ᮓᮤᮛᮦᮗᮤᮞᮤ) ᮞᮜᮊᮥ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮅᮒᮙ ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮠᮜᮙᮔ᮪ ᮝᮦᮘ᮪ ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮄᮉ.
Tina élmu anu simkuring tarima ti para ahlina éta, akhirna simkuring tiasa neraskeun ngawangun halaman wéb ieu. Kacindekan na, simkuring akhirna mutuskeun pikeun nganggo font "Sundanese Unicode 2013" (anu ku simkuring parantos dirévisi) salaku fonta utama pikeun halaman wéb simkuring ieu.

ᮞᮜᮏᮨᮀᮔ, ᮍᮛᮦᮗᮤᮞᮤ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮨᮞᮨ ᮅᮔᮤᮎᮧᮓᮨ |᮲᮰᮱᮳|
Salajengna, ngarévisi fonta Sundanese Unicode 2013

Sundanese Unicode 2013