Noto Sans Sundanese

noto sans sundanese
ᮔᮧᮒᮧ ᮞᮔ᮪ᮞ᮪ ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮨᮞᮨ / Noto Sans Sundanese

ᮠᮥᮞᮥᮞ᮪ ᮓᮤᮔ ᮠᮜᮙᮔ᮪ ᮄᮉ, ᮒᮥᮜᮤᮞᮔ᮪ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮙᮊᮦ ᮖᮧᮔ᮪ ᮔᮧᮒᮧ ᮞᮔ᮪ᮞ᮪ ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮨᮞᮨ "Noto Sans Sundanese" ᮗᮨᮁᮞᮤ |᮱|.|᮰᮵᮰| (|᮲᮰᮱᮳|).
Husus dina halaman ieu, tulisan aksara Sunda maké fon Noto Sans Sundanese versi 1.050 (2013)

ᮃᮚ |᮲| ᮘᮥᮌ᮪ ᮃᮔᮥ ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮙᮨᮔ᮪ᮓᮊᮔ᮪, ᮑᮆᮒ ᮠᮥᮛᮥᮕ᮪ "" ᮞᮛᮨᮀ ᮛᮛᮀᮊᮦᮔ᮪ ᮕᮔᮦᮜᮦᮀ ᮃᮔᮥ ᮊᮥ ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮓᮤᮎᮤᮛᮤᮃᮔ᮪ ᮝᮁᮔ ᮘᮩᮛᮩᮙ᮪.
Aya 2 bug anu simkuring mendakan, nyaéta hurup "ja" sareng rarangkén panéléng anu ku simkuring dicirian warna beureum.

ᮙᮩᮛᮩᮔ᮪ ᮅᮛᮀ ᮕᮛᮔ᮪ᮒᮧᮞ᮪ ᮍᮜᮙᮔ᮪ ᮔᮜᮤᮊ ᮙᮥᮊ ᮝᮦᮘ᮪ ᮃᮔᮥ ᮊᮧᮔ᮪ᮒᮦᮔ᮪ᮔ ᮍᮀᮌᮧ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ, ᮒᮙ᮪ᮕᮤᮜᮔ᮪ ᮖᮧᮔ᮪ ᮔ ᮠᮨᮔ᮪ᮒᮩ ᮊᮘᮎ ᮊᮜᮚᮔ᮪ ᮠᮓᮦ, ᮘᮂᮊᮔ᮪ ᮃᮔᮥ ᮙᮥᮔ᮪ᮎᮥᮜ᮪ ᮑᮆᮒ ᮊᮛᮊ᮪ᮒᮨᮁ ᮊᮧᮒᮊ᮪ ᮞᮕᮨᮁᮒᮧᮞ᮪ ᮘᮨᮔ᮪ᮒᮥᮊ᮪ "ᮒᮠᮥ" (ᮇ) ᮃᮔᮥ ᮔᮥᮔ᮪ᮏᮥᮊ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮚᮦᮔ᮪ ᮃᮜᮒ᮪ ᮃᮔᮥ ᮅᮛᮀ ᮃᮀᮌᮧ ᮠᮨᮔ᮪ᮒᮩ ᮍᮀᮌᮧ ᮖᮧᮔ᮪ ᮃᮔᮥ ᮓᮤᮃᮀᮌᮧ ᮓᮤᮔ ᮝᮦᮘ᮪ ᮆᮒ. ᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪, ᮒᮥᮜᮤᮞᮔ᮪ ᮓᮤᮔ ᮝᮦᮘ᮪ ᮠᮨᮔ᮪ᮒᮩ ᮒᮤᮃᮞ ᮓᮤᮒᮤᮍᮜᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮓᮤᮔ ᮃᮜᮒ᮪ ᮃᮔᮥ ᮅᮛᮀ ᮃᮀᮌᮧ. 
Meureun urang parantos ngalaman nalika muka wéb anu konténna nganggo aksara Sunda, tampilan fon na henteu kabaca kalayan hadé, bahkan anu muncul nyaéta karakter kotak sapertos bentuk "Tahu" (⌧) anu nunjukkeun yén alat anu urang anggo henteu nganggo fon anu dianggo dina wéb éta. Janten, tulisan dina wéb henteu tiasa ditingalikeun dina alat anu urang anggo. 

ᮓᮤᮃᮔ᮪ ᮄᮉ ᮓᮤᮞᮨᮘᮒ᮪ .ᮔᮧᮒ᮪ᮓᮨᮖ᮪ (.notdef).
Kajadian ieu disebat .notdef.

ᮔᮇᮔ᮪ ᮞᮧᮜᮥᮞᮤᮔ ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮅᮛᮀ ᮒᮤᮃᮞ ᮙᮎ ᮒᮦᮊ᮪ᮞ᮪ ᮓᮤᮔ ᮝᮦᮘ᮪ ᮆᮒ ᮊᮜᮚᮔ᮪ ᮘᮨᮔᮨᮁ? 
Naon solusina pikeun urang tiasa maca téks dina wéb éta kalayan bener? 
ᮃᮚ |᮲| ᮎᮛᮔ, ᮑᮆᮒ:
Aya 2 carana, nyaéta:
  1. |᮱|. ᮃᮜᮒ᮪ ᮃᮔᮥ ᮅᮛᮀ ᮃᮀᮌᮧ ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮙᮎ ᮝᮦᮘ᮪ ᮊᮨᮓᮂ ᮓᮤᮕᮞᮀ ᮠᮩᮜ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ᮪ ᮃᮔᮥ ᮞᮙᮤ ᮞᮛᮨᮀ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ᮪ ᮃᮔᮥ ᮓᮤᮃᮀᮌᮧ ᮊᮥ ᮝᮦᮘ᮪ ᮆᮒ. 
    Alat anu urang anggo pikeun maca wéb kedah dipasang heula font anu sami sareng font anu dianggo ku wéb éta.
    ᮃᮒᮔᮕᮤ / atanapi,
  2. |᮲|. ᮕᮙᮤᮜᮤᮊ᮪ ᮝᮦᮘ᮪ ᮙᮞᮀ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ᮪ ᮓᮤᮔ ᮞᮦᮁᮗᮨᮁ ᮝᮦᮘ᮪ ᮔ ᮞᮠᮤᮀᮌ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ᮪ ᮔ ᮞᮎᮛ ᮇᮒᮧᮙᮒᮤᮞ᮪ ᮘᮊᮜ᮪ ᮓᮤᮒᮨᮁᮏᮨᮙᮂᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮥ ᮃᮜᮒ᮪ ᮃᮔᮥ ᮅᮛᮀ ᮃᮀᮌᮧ ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮙᮎ ᮝᮦᮘ᮪ ᮒᮔ᮪ᮕ ᮊᮨᮓᮂ ᮙᮞᮀ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ᮪ ᮓᮤᮔ ᮃᮜᮒ᮪ ᮅᮛᮀ ᮠᮩᮜ.
    Pamilik wéb masang font dina sérver wéb na sahingga font na sacara otomatis bakal diterjemahkeun ku alat anu urang anggo pikeun maca wéb tanpa kedah masang font dina alat urang heula.

ᮑᮒᮔ, ᮌᮧᮇᮌᮣᮨ "Google" ᮞᮜᮊᮥ ᮕᮤᮠᮊ᮪ ᮃᮔᮥ ᮎᮊᮨᮒ᮪ ᮕᮤᮞᮔ᮪ ᮞᮛᮨᮀ ᮓᮥᮑ ᮄᮔ᮪ᮒᮨᮁᮔᮦᮒ᮪ ᮜᮤᮜ ᮕᮤᮞᮔ᮪ ᮌᮩᮞ᮪ ᮕᮛᮔ᮪ᮒᮧᮞ᮪ ᮍᮤᮛᮤᮀ ᮍᮨᮙ᮪ᮘᮀᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮥᮜᮝᮁᮌ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ᮪ ᮃᮔᮥ ᮒᮥᮏᮥᮃᮔ᮪ᮔ ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮍᮓᮥᮊᮥᮀ ᮞᮓᮚ ᮘᮠᮞ ᮊᮥ ᮒᮙ᮪ᮕᮤᮜᮔ᮪ ᮔᮥ ᮠᮓᮦ ᮇᮌᮦ ᮊᮀᮌᮧ ᮞᮧᮜᮥᮞᮤ ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮙᮞᮜᮂ ᮕᮨᮔᮙ᮪ᮕᮤᮜᮔ᮪ "ᮒᮠᮥ", ᮞᮕᮨᮁᮒᮧᮞ᮪ ᮞᮜᮊᮥ ᮔᮙᮤ ᮃᮔᮥ ᮓᮤᮕᮞᮤᮂᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮔ ᮔᮙᮤ ᮊᮥᮜᮝᮁᮌ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ᮪ ᮆᮒ ᮑᮜᮤᮛ, ᮑᮆᮒ ᮔᮧᮒᮧ ᮃᮔᮥ ᮠᮁᮒᮧᮞ᮪ᮔ "ᮔᮧ ᮙᮧᮛᮨ ᮒᮧᮖᮥ / 'No more tofu'" (ᮠᮨᮔ᮪ᮒᮩ ᮃᮚ ᮓᮩᮄ "ᮒᮠᮥ").
Nyatana, Google salaku pihak anu caket pisan sareng dunya internét parantos ngiring ngembangkeun kulawarga fon anu tujuanna pikeun ngadukung sadaya bahasa ku tampilan nu hadé ogé kanggo solusi pikeun masalah penampilan "tahu", sapertos salaku nami anu dipasihkeun kana nami kulawarga font éta nyalira, nyaéta Noto anu hartosna "No more tofu" (henteu aya deui "tahu").

ᮔᮧᮒᮧ "Noto" ᮔᮧᮒᮧ ᮙᮀᮛᮥᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮙᮦᮛᮨᮊ᮪ ᮓᮌᮀ ᮒᮤ Google Inc. ᮖᮧᮔ᮪ ᮔᮧᮒᮧ ᮙᮀᮛᮥᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮞᮥᮙ᮪ᮘᮨᮁ ᮒᮨᮁᮘᮥᮊ. ᮞᮓᮚ ᮖᮧᮔ᮪ ᮔᮧᮒᮧ (ᮊᮃᮞᮥᮕ᮪ ᮔᮧᮒᮧ ᮞᮔ᮪ᮞ᮪ ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮨᮞᮨ) ᮓᮤᮒᮨᮁᮘᮤᮒ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮓᮤᮔ ᮜᮤᮞᮦᮔ᮪ᮞᮤ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ᮪ ᮇᮕᮨᮔ᮪ ᮞ᮪.ᮄ.ᮜ᮪, ᮗᮦᮁᮞᮤ |᮱|.|᮱|.
Noto mangrupikeun mérek dagang ti Google Inc. fon Noto mangrupikeun sumber terbuka. Sadaya font Noto (kaasup Noto Sans Sundanese) diterbitkeun dina Lisénsi Font Open SIL, Versi 1.1

ᮖᮧᮔ᮪ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮦᮞᮦ ᮊᮃᮞᮥᮕ᮪ ᮞᮜᮂ ᮞᮠᮤᮏᮤ ᮊᮥᮜᮝᮁᮌ ᮖᮧᮔ᮪ ᮔᮧᮒᮧ ᮆᮒ ᮃᮔᮥ ᮓᮤᮞᮨᮘᮒ᮪ "ᮔᮧᮒᮧ ᮞᮔ᮪ᮞ᮪ ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮨᮞᮨ" (Noto Sans Sundanese). ᮖᮧᮔ᮪ ᮄᮉ ᮞᮜᮨᮛᮨᮞ᮪ᮔ ᮒᮤᮃᮞ ᮓᮤᮃᮀᮌᮧ ᮞᮜᮊᮥ ᮞᮜᮂ ᮞᮠᮤᮏᮤ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ᮪ ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮍᮓᮙᮨᮜ᮪ ᮝᮦᮘ᮪ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ. ᮔᮍᮤᮀ, ᮒᮙ᮪ᮕᮤᮜᮔ᮪ ᮠᮥᮛᮥᮕ᮪ "" ᮖᮧᮔ᮪ ᮔᮧᮒᮧ ᮞᮔ᮪ᮞ᮪ ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮨᮞᮨ ᮊᮨᮓᮂ ᮓᮤᮆᮀᮌᮜᮔ᮪ ᮔᮥᮛᮥᮒ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮘᮨᮔ᮪ᮒᮥᮊ᮪ ᮃᮑᮁ, ᮑᮆᮒ ᮎᮥᮛᮨᮊ᮪ᮔ ᮑᮀᮠᮛᮩᮕ᮪ ᮊ ᮜᮨᮘᮨᮒ᮪ (ᮃᮛᮂ ᮃᮔᮥ ᮊᮒᮥᮠᮥ) ᮞᮕᮨᮁᮒᮧᮞ᮪ ᮊᮤᮉ "". ᮞᮛᮨᮀ ᮕᮍᮤᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪ ᮘᮥᮌ᮪ ᮕᮧᮞᮤᮞᮤ ᮕᮔᮦᮜᮦᮀ ᮞᮛᮨᮀ ᮃᮔᮥ ᮞᮔᮦᮞ᮪ ᮃᮔᮥ ᮊᮨᮓᮂ ᮓᮤᮜᮨᮛᮨᮞ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮓᮤᮔ ᮗᮦᮁᮞᮤ ᮃᮔᮥ ᮃᮒᮧᮞ᮪ ᮓᮤᮆᮀᮌᮜᮔ᮪.
Fon aksara Sunda kaasup salah sahiji kulawarga fon Noto éta anu disebat "Noto Sans Sundanese". Fon ieu saleresna tiasa dianggo salaku salah sahiji font pikeun ngadamel wéb aksara Sunda. Nanging, tampilan hurup "ja" () fon Noto Sans Sundanese kedah diénggalan nurutkeun bentuk anyar, nyaéta curekna nyanghareup ka lebet (arah anu katuhu) sapertos kieu "". Sareng panginten bug posisi panéléng sareng anu sanés anu kedah dilereskeun dina vérsi anu atos diénggalan.

ᮊᮥ ᮃᮚᮔ ᮖᮧᮔ᮪ ᮔᮧᮒᮧ ᮞᮔ᮪ᮞ᮪ ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮨᮞᮨ ᮄᮉ ᮕᮞ᮪ᮒᮤᮔ ᮞᮩᮉᮁ ᮍᮘᮔ᮪ᮒᮧᮞᮔ᮪ ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮙᮨᮊᮛᮔ᮪ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ, ᮠᮥᮞᮥᮞ᮪ᮔ ᮓᮤ ᮓᮥᮑ ᮓᮤᮌᮤᮒᮜ᮪. ᮙᮜᮤᮠᮔ᮪, ᮔᮞ᮪ᮊᮂ ᮃᮔᮥ ᮓᮤᮃᮀᮌᮧ ᮑᮆᮒ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮃᮔᮥ ᮓᮤᮊᮨᮙ᮪ᮘᮀᮊᮩᮔ᮪ ᮒᮤᮔ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ᮪ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮅᮔᮤᮎᮧᮓᮨ. ᮞᮜᮊᮥ ᮒᮙ᮪ᮘᮠᮔ᮪, ᮃᮚᮩᮔ ᮞᮩᮉᮁ ᮃᮕᮣᮤᮊᮞᮤ ᮞᮛᮨᮀ ᮃᮜᮒ᮪, ᮘᮧᮂ ᮓᮤᮔ ᮊᮧᮙ᮪ᮕᮥᮒᮨᮁ, ᮠᮥᮞᮥᮞ᮪ᮔ ᮓᮤᮔ ᮒᮨᮜᮨᮕᮧᮔ᮪ ᮞᮦᮜᮥᮜᮦᮁ, ᮃᮔᮥ ᮍᮓᮥᮊᮥᮀ ᮞ᮪ᮊᮢᮤᮕ᮪ ᮄᮉ ᮞᮠᮤᮀᮌ ᮅᮛᮀ ᮒᮤᮃᮞ ᮙᮎ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮔᮥ ᮓᮤᮒᮥᮜᮤᮞ᮪ ᮓᮤᮔ ᮝᮦᮘ᮪, ᮃᮕᮣᮤᮊᮞᮤ ᮇᮜᮂ ᮕᮨᮞᮨᮔ᮪, ᮃᮕᮣᮤᮊᮞᮤ ᮕᮑᮥᮀᮞᮤ, ᮞᮛᮨᮀ ᮞᮘᮔ ᮒᮔ᮪ᮕ ᮊᮨᮓᮂ ᮙᮞᮀ ᮖᮧᮔ᮪ ᮄᮉ ᮓᮤᮔ ᮃᮜᮒ᮪ ᮔᮥ ᮅᮛᮀ ᮃᮀᮌᮧ.
Ku ayana fon Noto Sans Sundanese ieu pastina seueur ngabantosan pikeun kamekaran aksara Sunda, hususna di dunya digital. Malihan, naskah anu dianggo nyaéta aksara sunda anu dikembangkeun tina font aksara Sunda Unicode. Salaku tambahan, ayeuna seueur aplikasi sareng alat, boh dina komputer, hususna dina telepon sélulér, anu ngadukung skrip ieu sahingga urang tiasa maca aksara sunda nu ditulis dina wéb, aplikasi olah pesen, aplikasi panyungsi, sareng sajabana tanpa kedah masang fon ieu dina alat nu urang anggo.

ᮔᮍᮤᮀ, ᮠᮨᮔ᮪ᮒᮩ ᮞᮓᮚ ᮃᮜᮒ᮪, ᮅᮒᮙᮤᮔ ᮓᮤᮔ ᮊᮧᮙ᮪ᮕᮥᮒᮨᮁ ᮃᮔᮥ ᮕᮛᮔ᮪ᮒᮧᮞ᮪ ᮍᮀᮌᮧ ᮞ᮪ᮊᮢᮤᮕ᮪ ᮄᮉ. ᮍᮔ᮪ ᮅᮊᮥᮁ ᮃᮕᮣᮤᮊᮞᮤ ᮕᮑᮥᮀᮞᮤ ᮙᮧᮐᮤᮜᮣ ᮃᮔᮥ ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮒᮨᮛᮀ ᮃᮔᮥ ᮕᮛᮔ᮪ᮒᮧᮞ᮪ ᮒᮤᮃᮞ.
Nanging, henteu sadaya alat, utamina dina komputer anu parantos nganggo skrip ieu. Ngan ukur aplikasi panyungsi Mozilla anu simkuring terang anu parantos tiasa.

ᮞᮤᮙ᮪ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮍᮠᮒᮥᮁᮊᮩᮔ᮪ ᮔᮥᮠᮥᮔ᮪ ᮊ ᮌᮧᮇᮌᮣᮨ "Google" ᮞᮛᮨᮀ ᮒᮤᮙ᮪ ᮅᮔᮤᮎᮧᮓᮨ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮊᮔ ᮕᮍᮢᮧᮏᮧᮀᮔ ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮔᮥᮞᮔ᮪ᮒᮛ, ᮠᮥᮞᮥᮞ᮪ᮔ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ.
Simkuring ngahaturkeun nuhun ka Google sareng Tim Unicode Aksara Sunda kana pangrojongna pikeun aksara Nusantara, hususna aksara Sunda.


ᮞᮥᮙ᮪ᮘᮨᮁ ᮛᮥᮏᮥᮊᮔ᮪ / Sumber rujukan:
ᮔᮧᮒᮧ ᮞᮔ᮪ᮞ᮪ ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮔᮨᮞᮨ
Noto Sans Sundanese

Noto Sans Sundanese